Kamis, 29 Januari 2015

Lirik Nadzom Aqoidul Iman Sunda

Mangga nu bade hoyong terang nadzom na aqoidul iman bahasa sunda
Sok we haleuangkeun nya.
Dengan sholawat.Maksiat minggat...InsyaAlloh berkah


Ari aqo'idul iman lima puluh kayakinan
kanyahokeun sing enyaan mun ngaku jalma ber iman
nu dua puluh sifat na
wajib aya di alloh na
Dua puluh nu muhal na nu jadi lalawan nana

Sifat nu jaiz na hiji
jumlah opat puluh hiji
hak alloh nu maha suci
teras na di tambah deui
opat nu wajib di rusul
opat nu muhal di rusul
nu jaiz na hiji hungkul,jumlah salapan nu nyusul

jadi opat puluh hiji
tambah salapan ber arti
jumlah lima puluh pasti pek sebutan hiji hiji

wujud,qiddam,baqqo,mukholafatul'lil,hawa'dissi,qiyamuhhu binafsihhi,wahdanniat,qudrot,irodat,ilmu hayat,sama basor kalam,qodiron muridan,aliman,hayan samingan basiron mutakaliman

Aya heubeul langgeung beda jeung kabeh nu anyar
jumeuneung kalawan dat na hiji alloh dina dat na
hiji na sifat na,hiji padameulan nana
kawasa kersa uninga alloh nu hirup na,ngadangu ningali
sasawuran bukti kawasa
bukti alloh kersa uninga alloh nu hirup na
bukti nu ngadangu nu ningali nu dadawuh
jadi sadayana nu wajib na dua puluh

Adam Hudus fana munasalah lil'hawadis itiaj Tangadud ngajju wakarohah
jahal mao somam umyum bukmum kaunuhu ajijan
karihan jahilan maitan assom ama abkham

Eweuh anyar ruksak sarupa eujeung nu anyar
Butuh kana tempat jeung butuh kanu ngayakeun
Bimbilangan dat na sifat na sareng dameul na
Apeus kapaksa bodo maot torek lolongna
Pireu bukti alloh anu apeus anu kapaksa
anu bodo maot,torek,lolong,jeung pireuna
Wenang ti alloh na
mi'dameul barang nu mungkin
ta aya anu wajib midameul barang nu mungkin.

sidiq amanah tablig patonah khiddib khianat khidmam kiladah
Bener kapercaya ngadugikeun eujeung pinter
bohong cidera jeung nyumputkeun tur bodo na
wenang ti rusul na sifat manusia biasa
kaya tuang leuet angkat kuleum sajabana.

23 komentar:

  1. TERIMA KASIH HATUR NUHUN, MANFAAT PISAN

    BalasHapus
  2. hatur nuhun janteun emut nuju kapungkur

    BalasHapus
  3. Hatur nuhun kang share, ijin copy kang.

    BalasHapus
  4. Izin coppy kang , mudah mudahan manfaat dunya akherat :)

    BalasHapus
  5. Ngiring dicopy kg... mudah mudahan bermanfaat hatur nhun

    BalasHapus
  6. Ngiring copy paste , hatur nuhun pisan .insyaallah mmanfaat dunia akherat.

    BalasHapus
  7. jazakallohu.... ijin copas..mudah2an bermafaat

    BalasHapus
  8. HATUR NUHUN KATAMPI PISAN
    NAMUNG SEUEUR ANU KEDAH DILERESKEUN SERATAN NANA
    SEUEUR ANU LEPATNA
    PUNTENNYA

    BalasHapus
  9. Contoh....
    Kedahna kie ;
    KITMAN BILADAH

    BalasHapus
  10. Qobiltu kang, nyuhunken ikhlas ridhona, pami ie damelan saha kang?? Supaya bisa dipertanggungjawabken ngkin ๐Ÿ™

    BalasHapus
  11. Haturnuhun ๐Ÿค—๐Ÿค—

    BalasHapus
  12. Haturnuhun kang, mugia manfaat tur barokah๐Ÿ™๐Ÿป

    BalasHapus